Friday, August 24, 2007

BALUKAR BAHA KA LULUHUR

Galura, No. 22 Taun 19, Minggu IV, Agustus 2007, Bray
Gambar: Mangle-No.2077, 27/7-2/8-2006, Prabu Siliwangi Waktos Anom

Ku: Sobirin

Kumaha ari ayeuna? Geuning alam katut lingkungan teh henteu someah? Halodo sakeudeung oge, kawas ayeuna, di sababaraha tempat, kaasup di Jawa Barat, taneuhna teh geus bareulah, sawah gahgar tepi ka tatanen teu kapuluk.



Tepi ka taun ieu, taun 2007, umur nagara urang 62 taun. Tapi, sakumaha saur Kang Abdulah Mustappa (Bray, Galura, Minggu III, Agustus 2007) naha geuning kalah jadi papaseaan? Kalah jadi riributan? Kalah jadi penggusuran? Kalah jadi unjuk rasa? Malah kalah jadi maceuhna terorismeu? Simkuring nambahan, naha lingkungan kalah beuki ruksak?


Urang nyoreang deui ka tukang. Karajaan Sunda salila 900 taun, tepi ka runtagna Pajajaran, bisa terus ngadeg, padahal karajaan sejenna mah di Jawa Tengah jeung Jawa Timur teu ngahontal opat abad opat abad acan.


Aya dua hal nu ngalantarankeunana, kahiji, para pamingpin di karajaan Sunda, leupas tina ayana pacongkredan di jero kulawarga karajaan, wijaksanana, adil, jeung nu diperhatikeunana kapentingan rahayat. Kadua, alam jeung lingkunganana ngarojong.


Antara sabab nu kahiji jeung nu kadua gede pisan patalina. Pamingpin nu wijaksana hartina, lian ti merhatikeun rahayatna oge merhatikeun alam jeung lingkungan. Singketna, alam jeung lingkungan teh dipiara, dijaga, dirumat, diriksa, nu kabehanana ka dituna taya lian ti keur kapentingan rahayat. Apan jaman Wastu Kancana, karajaan Sunda nu puseur dayeuhna di Kawali, salila saabad leuwih, teu kacatur aya musibat alam.


Kumaha ari ayeuna? Geuning alam katut lingkungan teh henteu someah? Halodo sakeudeung oge, kawas ayeuna, di sababaraha tempat, kaasup di Jawa Barat, taneuhna teh geus bareulah, sawah gahgar tepi ka tatanen teu kapuluk. Urang teh keuna ku musibah kekeringan. Sual tigerat ku cai ieu rea nu teu sadar. Pangna kitu lantaran ayana tigerat ku cai teh henteu ujug-ujug, henteu instan, lumangsungna lalaunan. Ku kituna kekeringan teh mindeng disebut bencana yang merangkak atawa creeping disaster.


Cai kurang alatan alam jeung lingkungan teu mampuh nyumponan pangabutuh manusa. Komo lamun alam jeung lingkunganana geus ruksak mah, kawas kaayaan di urang kiwari. Tambah deui, ku sabab dibebereg ku pangabutuh, ayeuna mah patani teh rea nu henteu merhatikeun iklim. Rek halodo, sawah nu usum halodo sok kagaringan, dipelakan pare. Nu matak jaman Mang Ihin Gubernur Jawa Barat, patani nu melak pare di sawah nu usum halodo sok kagaringan, parena the sina dicabutan deui. Tangtu patani teh dibere kompensasina.


Tigerat ku cai tepi ka lahan tatanen gahgar teu bisa diungkulan ku nyieun situ, ngabendung walungan. Buktina wae situ-situ nu aya ayeuna, caina, halodo kakaerk sababaraha poe oge, langsung nyirorot. Lengkah nu hade mah, reboisasi lahan sumber cai, ngahejokeun deui leuweung, ngadegkeun agroforest atawa wanatani, leuweung keur kapentingan tatanen. Lian ti eta, pola tanam (pepelakan) nu bener, diluyukeun jeung iklim atawa cuaca.


Di Jawa Barat ayeuna, sumber daya air teh tacan dikokolakeun sacara komprehen
sif. Buktina, usum hujan banjir, urug, usum halodo, tigerat ku cai, kualitas caina goreng alatan limbah industri jeung limbah rumah tangga. Kawasan lindung, di daerah tangkapan hujan di hulu-hulu cai ruksak parna. Masarakat, boh di kota boh di desa, boros pisan dina make cai. Hukum nu aya patalina jeung cai henteu ditanjeurkeun kalawan bener.

Pikeun ngungkulan mindengna tigerat ku cai mun usum halodo jeung banjir, urug, mun usum hujan, di urang, di Jawa Barat, perlu pamingpin nu bener-bener pamingpin, nu wijaksana, nu ngarti ka manusa jeung ngarti ka alam. Urang perlu nyonto luluhur urang nu mampuh nanjeurkeun karajaan Sunda kurang leuwih 900 tahun. Piraku baheula urang mampuh ngalahirkeun pamingpin nu hade, ari ayeuna henteu! Anu kudu diasongkeun ku urang, mun lingkungan teu diperhatikeun, rek tepi ka iraha nagara Indonesia teh nanjeurna?


Sobirin, Anggota Dewan Pakar, Dewan Pemerhati Kehutanan dan Lingkungan Tatar Sunda (DPKLTS)

No comments: