Galura, No. 5 Taun Ka-19, Edisi Minggu 1 Mei 2007
Sunda Bihari, Sunda Kiwari
Poto: Trijono, PBPP Citarum, 2005, Banjir Bandung Selatan
B r a y
Ku: S. Sobirin
Poe Juma’ah, (27/04) di Kota jeung Kabupaten Bandung hujan gegenteran, lir nu dicicikkeun ti langit. Balukarna wewengkon Kecamatan Majalaya Kabupaten banjir. Pon kitu di Majalaya, Dayeuhkolot, Baleendah jeung Bojongsoang. Luhurna cai ngahontal sameter, malah di deukeut sisi Ci Tarum mah luhurna tepi ka 2,5 meter.
Banjir di daerah nu disebutkeun bieu geus langganan. Unggal usum hujan te weleh banjir, anu ngabedakeun the leutik jeung gedena. Minangka leuwihna, banjir taun ayeuna beda jeung taun memehna, dibarengan ku leutak nu kandel. Lain ukur cai ledeg kiruh, ieu nandakeun lingkungan the geus ruksak parna pisan.
Dina usum halodo, cai walungan, kaasup Ci Tarum di wewengkon cekungan Bandung ngoletrak, saat euweuh caian. Dina ayana oge lain cai deui, tapi limbah pabrik. Walungan teh ari usum halodo ngajenggelek jadi jalan nu pinuh ku runtah plastik. Kaayaanana matak sareukseuk panon jeung matak ngabalukarkeun rupa-rupa kasakit.
Pikeun ngungkulan banjir nu unggal taun datang, Ci Tarum di sababaraha tempat disodet, dipindahkeun jeung dilelempeng. Dina kanyataanana, sodetan teh tetela tacan sagemblengna mampuh ngungkulan banjir. Malah balukar sodetan ieu, cai Ci Tarum nu naek ka pilemburan beuki tarik jeung mawa leutak, di sagigireun runtah.
Beh dieu aya rarancang nugar Curug Jompong, ngarah cai di Ci Tarum nyeot tarik, jadi henteu ngabalukarkeun banjir. Tapi nugar Curug Jompong, kawas sodetan, matak ngabalukarkeun bencana alam nu rohaka. Bisa jadi memang banjir the bisa rada kaungkulan, tapi sedimentasi di Waduk Saguling bakal leuwih parna.
Pikeun ngungkulan banjir di cekungan Bandung nu diliwatan ku Citarum jeung walungan nu ngamuara ka dinya, taya lian ti ngabebenah wewengkon sirah cai Ci Tarum jeung anak walunganana. Kawasan Bandung Utara (KBU) nu legana 38.000 hektar, upamana, kiwari tetep diantep, dijieun paimahan nu gegek, taya tarekah keur ngahejokeun KBU.
Taun 1960-an KBU the mampu neundeun 75% cai hujan, sesana, 25% ngamalir dina beungeut taneuh. Ari ayeuna mah, tahun 2007-an sabalikna, cai hujan nu di teundeun di KBU teh ngan 25%, sesana 75% ngamalir dina beungeut taneuh. Akibatna, walungan limpas, kaasup Ci Tarum, tepi ngabalukarkeun banjir.
Leubah dieu urang dina nempo walungan ulah nyekel mekanistis reduksionistis. Walungan ulah ngan ukur ditempo wujudna wungkul, tapi kudu ditempo hubunganana jeung nu sejen. Banjir jelas lain pasualan walungan wungkul, tapi oge pasualan lingkungan, pasualan sirah caina. Dina ngungkulan banjir anu oge kudu dipilampah nyaeta ngahejokeun wewengkon sirah caina.
Ningali kaayaan banjir di Kabupaten Bandung nu beuki pikagigiseun, KBU jeung sirah cai walungan nu ngamuara ka Ci Tarum kudu bener-bener dikokolakeun. Wewengkon nu dicangking ku pamarentah, Perhutani, kudu jadi leuweung geledegan, ari nu bogana masarakat di jadikeun leuweung lindung dina harti masarakat kudu daek melak tatangkalan boh di kebon boh di buruan imah.
Satangkal, umur 10 taun, mampuh nyimpen cai hujan 7 meter kubik. Mun tea mah unggal imah, unggal kebon dipelakan satangkal, KBU bakal jadi waduk alam di jero taneuh nu neundeun cai jutaan meter kubik. Usum hujan wewengkon cekungan Bandung moal banjir, atuh usum halodo moal ngoletrak kakurangan cai.
Sobirin: Anggota Dewan Pemerhati Kehutanan dan Lingkungan Tatar Sunda (DPKLTS) Bandung.

No comments:
Post a Comment