Friday, June 01, 2007

LINGKUNGAN JEUNG PAMINGPIN

Koran Sunda Galura, Nomer 9 Taun ka-19
Edisi Minggu 1 Juni 2007, Bray

Foto: www.melbourne.indymedia.org jeung free cliparts
Ku: SOBIRIN

Tgl 15 Desember 1972, Majelis Umum Perserikatan Bangsa (PBB) ngaluarkeun resolusi no. 2994 (XXVII) ngeunaan ditetepkeunana 5 Juni minangka Hari Lingkungan Hidup Sadunya.

Udagan utamana, ngageuing umat manusia di mana wae ayana sangkan daek miara jeung ngaronjatkeun ajen lingkungan.

Pangna nu dipilih 5 Juni, lantaran dina eta tanggal taun 1972 lumangsung acara bubuka Konferensi PBB ngeunaan lingkungan hirup di Stockholm. Eta konferensi the saterusna mampuh ngajurung dibentukna Program Lingkungan PBB atawa nu dipikawanoh ku sebutan United Nations Environment Programme (UNEP).

Memeh PBB netepkeun Hari Lingkungan Hidup, medal artikel ngeunaan lingkungan jeung bahayana mun dibaekeun, The Historical Roots of Our Ecological karangan Lynn White (1967), jeung The Tragedy of the Commons karya Garet Hardins (1968).
Sanggeus ditetepkeun Hari Lingkungan Hidup, taun 1975, di California, Amerika Serikat (AS) mucunghul gerakan The Universal Pantheis Society. Ieu gerakan yakin alam jeung pangeusina teh ngabogaan jiwa nu silihpikabutuh.

Di negara maju, lingkungan hirup the geus dijadikeun kaperluan nu kudu dicumponan (mutlak). Di nagara urang oge, etika lingkungan sabenerna geus aya ti baheula mula. Karuhun urang, jauh samemeh PBB daria merhatikeun lingkungan, geus ngajalankeun politik lingkungan ngaliwatan dongeng, tembang, mitos, pantangan atawa pamali keur kasalametan wewengkonna. Kaarifan ngeunaan lingkungan ieu, masih keneh nyesa di masarakat.

Hanjakalna, kaarifan tradisional di urang beuki dieu beuki kadeseh, malah geus teu dipikawanoh deui ku entragan ngora.Teu aneh mun lingkungan di urang, kaasup Tatar Sunda, beuki dieu beuki ruksak. Kecap pamali geus ditaringgalkeun, geus henteu dipercaya deui, sanajan dibere kanyaho pentingna lingkungan, angger we lingkungan teh diruksak.

Pasualan lingkungan, di urang mah kawas beuki kasieuhkeun, sigana the ukur papaes dina program-program pangwangunan. Padahal musibat balukar lingkungan beuki ruksak geus mindeng kajadian, sarta ngabalukarkeun korban, boh harta boh nyawa. Lebah dieu, urang nganggap musibat lingkungan teh kajadian nu lain balukar tina sabab-akibat.

Nu matak, mun urang ngabahas lingkungan ibarat nyiksik bawang, beuki loba kalah matak peurih kana panon, jeung hate. Tengetan wae kaayaan lingkungan ayeuna, leuweung diantepkeun digundulan, penambangan beuki ngaruksak. Di kota, pangwangunan fasilitas umum, tempat runtah, taman kota, leuweung kota, masih keneh ukur agenda nu dianggap enteng, kaelehkeun ku pangwangunan mall, supermarket jeung factory outlet.

Meungpeung ayeuna keur haneut, soal pilkada, gubernur jeung bupati atawa walikota, hadena urang bawa kana pasualan lingkungan. Partey pulitik kudu bisa nyodorkeun pipamingpineun nu ngarti kana lingkungan jeung jangji mun geus jeneng jadi pamingpin bakal merhatikeun jeung ngomean lingkungan nu ruksak.

Masarakat oge kudu digeuing, malar milih pipamingpineun the engeuh kana pasualan lingkungan, lain ngan ukur engeuh kana pasualan sejen. Kituna teh sangkan pulitik lingkungan nu dibawa ku pamingpin mampuh nyalametkeun bangsa jeung nagara tina ancaman musibat nu dibalukarkeun ku lingkungan nu dibaekeun atawa nu diruksak.

Urang geus loba teuing cumeluk ngeunaan perluna miara, ngamumule jeung ngomean lingkungan, karil prakna. Urang ayeuna kudu geus nembongkeun gawe nyata dina nyalametkeun lingkungan, sangkan urang teu keuna ku bencana nu leuwih gede. Nu matak perlu pisan pamingpin nu mikaheman lingkungan teh.
Sobirin, Anggota Dewan Pakar, Dewan Pemerhati Kehutanan dan Lingkungan Tatar Sunda (DPKLTS) Bandung.

2 comments:

RUMAH BACA BUKU SUNDA said...

Sae Pak, wilujeng.Perkawis lahan tea, mun lebak kudu jadi balong, mun gawir kudu disarigsig, mun tegal kudu dipelakan,...leres teu...?
Blog abdi di rumahbacabukusunda.blogspot.com , nuhun dari Mamat Sasmita

RUMAH BACA BUKU SUNDA said...

Sae Pak, wilujeng.Perkawis lahan tea, mun lebak kudu jadi balong, mun gawir kudu disarigsig, mun tegal kudu dipelakan,...leres teu...?
Blog abdi di rumahbacabukusunda.blogspot.com , nuhun dari Mamat Sasmita