Monday, May 19, 2008

BBM

Galura, Koran Sunda, Bray No. 07 Taun Ka 20, Minggu III Mei 2008
Foto: www.banten.go.id/2008, Back To Basic? Mencari Kayu Bakar


Ku: Sobirin

Kreatifitas kitu teh kreatifitas nu kapaksa ku kaayaan, pedah BBM mahal. Mun teu mahal mah moal neangan alternatif nu kitu. Ku pamarentah kreatifitas masarakat kudu diayunkeun lantaran BBM bisa diirit, hartina pamarentah teu pati gede teuing ngasubsidi BBM.



Harga minyak atah nu terus-terusan nerekel ngalantarankeun pamarentah urang kekeleyengan neangan jalan kaluarna. Kituna teh lantaran keur nyumponan pangabutuh bahan bakar minyak (BBM) di jero nagara, pamarentah meuli atawa ngimpor minyak atah nu terus diolah jadi solar, bensin, jeung minyak tanah. Hasil olahan minyak atah ieu disubsidi ku pamarentah, hargana sahandapeun harga pasar internasional.


Bangsa jeung nagara urang memang moal bisa nyengker naekna harga minyak atah di dunya internasional. Rek hargana tepi ka USD 200 sabarel oge teu bisa nolak jeung kudu narima. Kitu deui nagara-nagara sejen, nagara konsumen minyak atah. Sangkan anggaran pamarentah henteu jebol pedah dipake nyubsidi BBM, pamarentah boga rencana ngurangan nyubsidi ka cara naekkeun harga BBM.


Geus kajudi naekna harga BBM bakal leuwih ngaripuhkeun masarakat leutik nu pangasilanana pas-pasan. Pangusaha-pangusaha leutik oge bakal loba nu teu ngalaksanakeun usahana. Masarakat handap teh beuki ripuh ku harga-hargaan nu tangtu bakal apung-apungan, eukeur mah tadina oge geus undak, beas, endog, minyak goreng jeung sajabana. Ceuk para pangamat, ku naekna BBM jumlah nu miskin bakal leuwih nambahan.


Najan kitu, ku aya rencana naekna BBM harga BBM, ngalantarkeun masarakat kreatif. Keur kaperluan masak neangan cara sangkan teu gumantung teuing kana kompor minyak tanah jeung gas (lebah dieu gas oge beuki dieu beuki hese wae). Aya nu nyieun hawu nu make tai ragaji, huut badag, batok kalapa, make suluh kai urut, aya oge nu nyieun kompor nu minyakna make minyak jarak, jeung sajabana. Di luar Jawa Barat mah aya nu make tai munding jeung sapi sagala.


Kreatifitas kitu teh kreatifitas nu kapaksa ku kaayaan, pedah BBM mahal. Mun teu mahal mah moal neangan alternatif nu sarupa kitu. Ku pamarentah kreatifitas masarakat teh kudu diayunkeun lantaran BBM bisa diirit, hartina pamarentah teu pati gede teuing ngasubsidi BBM. Anu nyieun kompor minyak jarak kudu disumangeutan, upamana ku tarekah ngawanohkeun mangpaat minyak jarak. Masarakat, babakuna di desa-desa, sing marelak tangkal jarak nu buahna engke dijieun minyak jarak.


Masarakat golongan luhur oge kudu sina nurutan kreatifitas masarakat leutik dina ngirit BBM. Mun masarakat luhur teu kageuing lantaran ngarasa sakumaha mahalna BBM bisa kabeuli keneh, pamarentah kudu bisa narekahan sangkan masarakat luhur ulah boros dina BBM, make mobil ulah sangeunahna, upamana ka mana-mana make mobil nu boros bensin atawa solar tur nu makena ngan saurang. Pamarentah bisa nyieun jeung nerapkeun aturan sangkan mobil-mobil pribadi teu loba teuing dipakena.


Tina jihad sejen, pamarentah kudu ngawujudkeun pamarentah nu bener-bener bersih. Anggaran bener-bener dipake keur kapentingan masarakat loba, teu awuntah, teu sagala dibeuli. Anggaran di urang, boh APBN boh APBD tingkat propinsi jeung APBD tingkat kabupaten/kota, 60 persen keur balanja pagawe (keur gajih jeung keur meuli kaperluan departemen atawa dinas), sesana 40 persen keur pangwangunan. Kuduna mah anggaran keur balanja pagawe henteu loba, kuduna gegedena keur pangwangunan, keur kapentingan masarakat.

Bedahna beubeunangan tina pajeg oge kudu bisa dikurangan, ngarah ladang pajeg teh sagemblengna asup ka pamarentah sarta bisa digunakeun keur kapentingan masarakat, henteu nyangsang di mana-mana. Alusna mah badan nu ngurus pajeg teh misah ti Departemen Keuangan, ngarah bisa kakontrol. Nu ngurus pajeg mangrupa lembaga nu di-kepala-an ku pajabat satingkat menteri. Ku urang Jawa Barat, usulan ieu teh geus ditepikeun ka presiden nu ayeuna, ngan hanjakal tacan digugu.


Ku tarekah ngirit BBM nu dilaksanakeun ku masarakat leutik jeung masarakat menengah ka luhur, dana tina APBN jeung APBD gegedena digunakeun keur pangwangunan jeung kapentingan msarakat, beubeunangan tina pajeg sagemblengna asup ka pamarentah, undakna harga minyak atah moal ngaripuhkeun teuing pamarentah jeung masarakat. Pamarentah mampuh keneh meuli minyak atah lantaran boga dana bari teu kudu ngabeuratkeun masarakat.


Dina jangka panjangna, masarakat jeung pamarentah kudu soson-soson neangan, ngali jeung ngembangkeun energi alternatif, sangkan henteu gumantung kana BBM. Nagara urang teh beunghar ku sumber daya alam (SDA) nu bisa dimangpaatkeun keur energi sarta moal beak-beak lantaran bahanna bisa dipelak, upamana tangkal jarak. Hiji mangsa mun minyak tina fosil geus ngipisan atawa beak pisan, urang henteu gupuy-gupay deui lantaran geus boga gantina.


Sobirin, Panitenan sosial, budaya, lingkungan, jeung anggota Dewan Pakar di Dewan Pemerhati Kehutanan dan Lingkungan Tatar Sunda (DPKLTS) Bandung.

No comments: