Saturday, August 04, 2007

HAK ASASI CAI

Galura, Nomer 46 Tahun ka 18, Minggu IV Pebruari 2007, BRAY
Foto: Rian Info Gading 2007, Cai Keur Nembongkeun Hak Asasi-na
Ku Sobirin

Salasahiji siklus alam nu gampang kaharti nyaeta siklus cai atawa siklus hidrologi. Cai laut alatan panasna panonpoe jadi uap cai, katiup ku angin kabawa ka darat, jadi pihujaneun tepi ka turunna, cai hujan ngamalir jadi walungan nu ngamuara ka laut, jadi cai laut deui. Kitu saterusna, muter.


Turunna hujan di wewengkon tangkapan hujan atawa mindeng disebut daerah aliran sungai (DAS). Unggal daratan jeung pulo dibagi ku DAS-DAS nu karakteristikna sewang-sewangan. Legana wewengkon DAS gumantung kana kaayaan alamna. Diantarana, kemiringan lereng, jenis tanah, jeung gede-leutikna curah hujan.

DAS nu kawasan lindungna hade, leuweungna hejo ngemploh, bisa neundeun jeung ngadalian cai. Sabalikna, nu kawasan lindungna goreng, leuweungna bulistir, moal mampuh neundeun cai jeung ngadalian cai, malah ngabalukarkeun, mun usum hujan erosi, banjir, caah, urug, atuh usum halodo, tigerat ku cai.

Urang Sunda teh geus bogaeun kaarifan ngeunaan kawasan lindung jeung DAS. Dina budaya Sunda aya nu disebut leuweung titipan, leuweung tutupan, jeung leuweung garapan. Leuweung titipan (leuweung sirah cai, leuweung kolot), leuweung nu teu meunang diganggu pisan, biasana ayana di tempat nu leuwih luhur ti pamukiman, di ponclot gunung atawa pasir, gunana keur ngamankeun sumber cai.

Leuweung tutupan (leuweung awisan), leuweung cadangan nu sawaktu-waktu, mun perlu pisan, bisa dimangpaatkeun, babakuna kaina bisa dituar. Saratna nuar hiji kudu melak tilu. Leuweung tutupan ieu perenahna handapeun leuweung titipan.

Ari leuweung garapan (leuweung baladaheun, leuweung sampalan, leuweung lembur), leuweung nu dibuka keur tatanen jeung paimahan (kampung, desa), perenahna di lahan nu datar. Biasana di dieu teh deukeut sumber cai (cinyusu).

Kaarifan lokal saperti tadi sipatna universal lantaran nu digunakeunana teh bahasa alam. Saha wae nu mampuh maca bahasa alam bakal salamet. Kota New York di Amerika Serikat geus nerapkeun konsep kawas kaarifan budaya Sunda. New York mampuh ngahejokeun leuweung di wewengkon tangkapan hujan sarta mampuh nyadiakeun cai bersih sapoena 1,3 milyar galon keur nyumponan warga New York nu jumlahna 9 juta urang. Kota-kota nu geus nurutan New York, diantarana Tokyo (Jepang), Barcelona (Spanyol), jeung Melbourne (Australia).

Kumaha di urang? Sabalikna!

Kota Bandung, Kota Jakarta jeung kota-kota badag sejena di urang kalah ka tihothat ngancurkeun kawasan lindungna, ngaruksak leuweung titipan jeung leuweung tutupanana. Dipake paimahan mewah, villa, hotel jeung sajabana. Ibarat keong nu keur ngaruksak imahna. Norekkeun maneh kana karifan lokal warisan ti karuhun. Hak asasi alam jeung cai dibaekeun.

Balukarna, usum hujan, caah jeung banjir di mana-mana, kaasup banjir di Jakarta jeung di Pantura Jabar. Sabalikna usum halodo di mana-mana tigerat ku cai, lahan tatanen kasaatan, kakurangan cai. Patani dina usum halodo teu bisa nyawah, sawahna bareulah kagaringan, produksi pare nyirorot. Balukarna, harga beas apung-apungan. Patani rea nu geus teu bogaeun pare, da teu bisa nyawah dina usum halodo.

Ku urang, ku pamarentah, ku sakumna masarakat, hak asasi cai kudu ditanjeurkeun. Paripolah nu ngaruksak kawasan lindung kudu dieureunken. Leuweung di kawasan lindung kudu dihejokeun deui, sing jadi leuweung geledegan. Urang kudu prak, prung, der ngomean jeung ngahejokeun deui kawasan lindung.

Urang kudu nyieun konrak ekologi jeung alam, hirup sauyunan jeung alam. Urang ulah ngaruksak alam. Bumi nu keur ditincak ku urang ayeuna lain warisan ti nini-aki urang, tapi meunang nginjeum ti anak-incu urang, nu kudu dipulangkeun dina kaayaan hade.

No comments: