Wednesday, August 01, 2007

BANJIR CILEUNCANG

GALURA, No. 35 Taun Ka-18, Minggu II Desember 2006, BRAY
Foto: Andri Gurnita, PR, 23/04/2007, Cileuncang Kota Bandung
Ku: Sobirin (Anggota DPKLTS)


Geus sababaraha poe, wewengkon Cekungan Bandung (Kota Bandung, Kabupaten Bandung jeung Cimahi) dibanjur ku hujan badag.


Geus sababaraha poe, wewengkon Cekungan Bandung (Kota Bandung, Kabupaten Bandung jeung Cimahi) dibanjur ku hujan badag. Teu beda jeung taun-taun samemehna Bandung ngadadak banjir ku cileuncang. Cai ngagulidag minuhan jalan tepi ka macetkeun patalimarga. Drainase (pamiceunan cai) teu mampuh nampung cihujan.

Cileuncang teh balukar taneuh teu mampuh nyerep cai, ku beuki lobana bangunan jeung jalan. Di Kota Bandung wae meh taya taneuh nu nyesa, ditutupan ku bangunan, tembok, jeung aspal, kaasup di paimahan-paimahan nu beuki dieu beuki renung. Ditambah ku drainase nu padu dijieun. Teu aneh cileuncang the ngadatangkeun banjir.


Memeh taun 1960-an, Di Kota Bandung, cai hujan, 65% nyerep ka jero taneuh, sesana, 35%, jadi cileuncang nu ngamalir dina saluran drainase nu kaayaanana hade. Ari ayeuna kumaha? Kiwari, di Kota Bandung, cai hujan nu nyerep ka jero taneuh teh ukur 5%, ari 95% deui jadi cileuncang nu teu bisa dikamalirkeun ku saluran drainase.


Dumasar konsep kebencanaan, pikeun ngungkulan banjir cileuncang di daerah perkotaan (hususna di Kota Bandung) aya 4 (opat) lengkah nu bisa dipilampah:
siap siaga, dilaksanakeun bulan Oktober-Nopember-Desember,
tanggap darurat, bulan Januari-Pebruari,
pasca kejadian, bulan Maret-April,
mitigasi (tarekah sangkan ulah kajadian deui), bulan Mei-Juni-Juli-Agustus-September.


Ayeuna geus nincak bulan Desember, hartina waktu siap siaga urang tinggal boga sabulan deui. Dina bulan Desember ieu, urang perlu jeung kudu narekahan sangkan banjir cileuncang henteu motah teuing. Di antarana wae, ngeruk runtah di solokan babakuna di wewengkon nu mindeng banjir cileuncang.
Lian ti eta oge riul-riul (liang pamiceunan cai) kudu diomean ngarah teu katutup, memener drainase sangkan mampuh ngamalirkeun cai hujan, di tempat-tempat nu mindeng banjir cileuncang di jieun sumur-sumur resapan cai, jeung mun bener-bener diperlukeun nyadiakeun kompa cai katut selangna keur miceun cileuncang ka walungan ka nu deukeut.

Waktu keur meumeujeuhna usum hujan (Januari-Pebruari), tanggap darurat, urang perlu waspada bisi aya banjir cileuncang. Pamarentah hadena nyieun peta lokasi genangan cileuncang. Waktu kajadian, legana, jerona, jeung balukarna dicatet.

Bulan Maret-April, pasca kejadian, hujan mimiti ngurangan sarta kaayaan kota geus normal deui. Runtah urut kabawa banjir cileuncang kudu dibersihkeun.
Lian ti kitu lain hartina urang terus cicing.

Ti Mei tepi ka September, tepi ka datang usum hujan deui, pamarentah jeung masarakat kudu terus-terusan narekahan (mitigasi) sangkan mun usum hujan engke banjir cileuncang paling henteu bisa ngurangan.

Aya sababaraha lengkah nu ku urang perlu dipilampah:

Kahiji, nyien peta saluran drainase, ngawengku peta skala regional (sakota Bandung), skala meso (sawilayah, kecamatan), jeung skala mikro (sakalurahan, RW, RT, jeung komplek pamukiman). Ieu peta the keur titincakan dina nyusun kabijaksanaan para pamingpin.

Kadua, sosialisasi kumaha carana nyinglar banjir cileuncang.
Katilu, ngomean drainase sangkan luyu jeung kaayaan kota katut rencana pangwangunan kahareup.

Kaopat, di tempat-tempat nu mindeng katarajang banjir perlu dipasang papan informasi: “Awas hati-hati, sering terjadi cileuncang. Jangan buang sampah sembarangan!”.


Ku cara kitu, diharepkeun wewengkon Cekungan Bandung bisa kasinglar tina pasualan banjir jeung cileuncang. Saratna? Ditarekahan babarengan ku pamarentah jeung masarakat, kaasup pangusaha swasta.**

No comments: